ULANGAN AKHIR SEMESTER GENAP
I.Cakra (x) salah sahiji hurup a, b, c, atawa d dihareupeun jawaban anu
bener!
Kulawarga
Kulawarga
teh kumpulan masarakat anu pangleutikna. Hiji keluarga saeutikna kudu ka
weungku ku bapa, indung jeung anak. Tapi mun ditilik leuwih jauh, hiji
kulawarga teh pakuatkait jeung nu sejenna. Tah nu kitu teh di sebutna
pancakaki. Lamun hiji kulawarga di pancakaki kadituna bakal aya aki, nini,
emang, bibi, uwa, lanceuk, adi jeung saterusna.
1. Judul wacana di luhur nya eta....
a. kumpulan b.
masarakat c. kulawarga d. pancakaki
2. masarakat anu pangleutikna nya eta…..
a. kumpulan b. masarakat c. kulawarga d.
pancakaki
3. Sebutan pikeun adi bapa anu lalaki….
a. aki b.
apa c. emang d. ua
4. Nu ngalahirkeun urang teh nyaeta………….
a. bapa b.
indung c. bibi d. nini
5. Cara nulis ngaran nu bener nyaeta……
a. Yudi , deni jeung roni c. Reni, riri jeung wati
b. Andi, Arya jeng Bayu d. Rudi, mala jeung Wati
6. Kamari di Dayeuhkolot hujan
Kalimah
di luhur ditungtungan ku tanda...
a. panyeluk (!) b.
panalek (?) c. peun (.) d. koma (,)
7. Jang, anteurkeun cau ka warung
Kalimah di luhur ditungtungan ku tanda...
a.
panyeluk (!) b. panalek (?) c. peun (.) d. koma (,)
8. Di Dayeuhkolot loba imah nu kabanjiran.
Kabanjiran sarua jeung....
a.
kahujanan b. kahuruan c. kacaahan d. kabangsatan
9. Kecap
raranggeuyan mun dicurat jadi....
a.
ra-rang-geu-yan b. ra-rang-geuyan c. ra- ranggeuy-an d.rarang-geuyan
10. Budak anu babari dititah, disebut....
a.
ogoan b. eraan c. daekan d. pohoan
11. Olah raga anu make bet, meja jeung bal leutik
nya eta...
a.
voli b. badminton c.
basket d. pingpong
12. Anak gajah ngarana....
a.
eneng b. menel c. belo d. begu
13. Ibuna bapa abdi sok disebut....
a.
indung b. nini c.
bibi d. ua
14. Manggu nu asak warnana hideung ......
a. euceuy b.
nyacas c. ngagedod d.
meles
15. Bungbuahan anu rasana haseum nyaeta....
a. cau b.
kadu c.
sawo d.
kadongdong
16. Kembang bawang ngarana....
a. jamotrot b.
bolotot c. ulated d. olohok
17. Sukuna……. ku beuling da teu di sandal.
a. kacugak b.
kabuka c. katakol d. katincak
18. Cing atuh buuk teh gera ........ atuh! Ulah
diantepkeun sina kusut kitu!
a. sapuan b.
sisiran c. ampihan d. angsulan
19. Dudi meuli bebedilan ti Bandung. Nu nuduhkeun
katerangan ( K) tina kalimah tadi nyaeta...
a. Dudi b.
meuli c.bebedilan d.
Bandung
20. Maca puisi the sorana kudu….
a. lendo b.
tarik c. gancang d. jelas
II. Eusian titik- titik di handap ieu !
1. ……….
ngaran budak teh? Namina Muhammad.
2.
Rupa buah manggu di jerona nya eta…………..
3.
Kembang malati kaambeuna…………………
4.
Lamun hayang ningali ombak mah kudu ulin ka…………………..
5.
Rorompok abdi di Ciparay, dupi ……………. Pa lurah dimana?
6.
Buah nu ngora rasana………………..
7.
Ngaran anak ucing nya eta……………………………
8.
Abdi nuju neda sareng tahu, upami bapa nuju………….sareng
angeun kacang.
9.
Ulah nyoo palu bisi………..
10. Anak
mending ngarana……………………..
III.
Jawab
pananya-pananya di handap kalayan singket tur merenah!
1. Sebutkeun 3 ngaran Olah Raga !
2
Sebutkeun
3 ngaran bungbuahan!
3
Tulis 2 conto kalimah pananya!
4.Tulis 2 conto kalimah parentah!
5.Tuduhkeun jejer ( J ), caritaan ( C ), objek
( O ), jeung katerangan ( K ) tina kalimah di handap ieu!
a. Kamari Iwan tumpak kuda.
b. Aki ngical cau ka pasar
0 Response to "SOAL UAS BAHASA SUNDA SD/MI KELAS 3 SEMSTER 2"
Post a Comment